Selasa, 26 Agustus 2014

Kayakinan Jeung Harepan

Loba pikir jeung tugenah
nalika anjeun ngalempreh tanpa tangan pangawasa
hate marojengja...inggis ku bisi rempan ku sugan

tapi aya hiji kayakinan
nu tigin pinuh harepan
pitulung Gusti nu kagungan

panyakit nyingkir
pangrogahala nyingkah
lumiang walagri badan sakujur