Rabu, 18 Juli 2012

Gerentes

na mangsa datang dipapag suka bungah bungangang
endah dunya lir nu sorangan
mangsa miang dijajap teuteup geugeut pinuh kanalangsaan
hanjelu keur deukeut teu tulaten
ayeuna tinggal handeueul hanjakal

keclak cimata teu matak anjeun balik deui
sono katresna ngan nyangkeruk dina ati

anaking....
bapa yakin anjeun aya dina bagja nu utama
di Rohmat Allah nu Maha Kawasa
nu Kagungan urang sadaya

Ya ALLOH....
tobat abdi nu lamokot ku dosa
nu teu daya teu upaya
anging Anjeun nu Maha Agung Kawasa