Jumat, 30 Desember 2011

Sumoreang

Sok sanajan lain lalaki langit lalanang jagat, mugi Gusti teu ngajanjtenkeun ieu diri lalaki kembang kamangi. Kanyaah Anjeun katampi kasuhun kalingga murda. Tetepkeun diri ngabdi ka Gusti, mugi teu kabedil langit kalinglap ku kaendahan dunya nu matak mohokeun jeung moekeun nepina abdi ka Gusti. Indit wanci datang mangsa sing jadi atikan, ngomean kalakuan sangkan hirup aya dina kabagjaan.